Translate

Jumat, 26 Februari 2016

Kamis, 13 November 2014

RAJAH KITANI


Rajah kitani
kaula bga pacul di juru imah
sarng tekad dina jero dada
dua nana di jieun tina waja
serenkeun ka kaula tanah anggar
ngabaketrat ku kesang anu nga reclak baris robah jdi letak

montong kaula di bibita ku emas anu aya dina luhurn kerta
nu saukur nga bebenjo budak ogo
tekad kaula pantrang luntur
pacul kaula tara mintul
kaula kekeh teu suka lmun leuit ladang tanaga di gunasika duruwiksa

NYAI


Nyai..! 
Bulan nu ieu keneh
Nu harita nyaksi ku sumiratna
Pataremana rasa
Pataremana bagja
Rasa nu urang
Bagja nu urang
Nyai..?
Peuting ieu
Sawangan bagja harita
Bet eces narembongan
Minuhan gua garba
Mingkin lami mingkin anteb
Nyeceb na guligah na rasa
Nyeuseuitan simpena ati
Sedeng bulan
Geus tilem na gumplukan mega..

BURANGRANG


Dina liuh linduhna gunung nyimpeun kaendahan
taman asri nu paranti melak panghareupan
Burangrang nu jadi pusaka midang
ajen diri kabagjaan

Dina jentulna gunung nyimpen mustika
Dina simana gunung nyeungceumkeun panghareupan
Kembang Burangrang nu keur mangkak birahi
ligar mekar ditaman hate
nyeungitan sajagat raya
sumiratna layung gunung
nyaangan kanu keur mangkak ligar

kembang burangrang mustikna istri sajati.

TIBELAT KULAYUNG KONENG


Tibelat kulayung koneng
basa wanci keur tunggang gunung
sariak layung nu uwung" mawa hibar katresna
cahyana mubyar campur jeung kingkilaban.

Girimis nu jadi simpay katresna...
tujuh rupa katumbiri nu nyaksi melengkung ti kahiangan nutug leuwi
hujan kembang sumawur ninggang lemah
di jajap ku Widadari lungsur muru tampian
seja ngadaon siram di leuwi sipatahunan...

SUMERAH DIRI


,Langit angkeub nyimutan raga.. hiliwirna angin nyecep kana sanubari..,hujan nu teu euih euih, kawas nu nyarengan kapeurih.., taya sariak layung..,taya laratan ki janggala.. 
Iraha waris kasorang, galindeng rasa kawas waktu harita.., pamohalan..
samenit ganti, sajam robah..
reup peuting, bray beurang..
taya karasa tapakna..
rumingkang di bumi alam, darma wawayangan..
bakal mulang, bakal balik.. sadaya kanu kagungan..
Nun gusti..
Hapunten diri anu teu surti..
raga nu salah milampah..
Jembar manah abdi sumerah..

Sabtu, 05 Juli 2014

Tepung Munggaran Dina PASKIBRA

mimitina nyidik-nyidik
lila-lila hayang deukeut
sura-seuri ngajak seuri
geus deukeut sok silih teuteup
panon diadu paneuteup
bari haténa degdegan
rék nyarita teu wani pok
mungguh keur séngsérang panon....

Teuteup anjeun nu leleb anteb ...
Imut anjeun nu matak nanceb...
Raray anjeun marahmay leleb...

Tepung munggaran Harita Dina PASKIBRA..
Anjeun kabengbat ku ungkara munggaran..
Aya guligah rasa nu mapayan...

Imut gelenyu teu kawakca...
Mung ungkara basa nu kabaca...
Mapay rasa nu nyaliara diantara ieu soca...

Rabu, 02 Juli 2014

Katresna Nu teu Kapibanda


Katresna anu kantos di titipkeun
Antawis urang duaan
Basa harita..
Medal asih nu mimiti ka raos
Lengkah kahirupan aya dina kabagjaan
Nalika ka asih sanes ukur basa
Mimiti nyandak janji mustari
Urang ngedalkeun kanyataan
Waktos nu terus mapay hareupan
Nembe ka uninga..
Yen anjeun saleresna tos aya nu mi boga
Cinta ukur sapada carita rasa
Anjeuna ilang tanpa carita
Duka kamana
Mung ukur nyandak waas nu taya padana
Gusti nu maha suci parantos masihan waktos
Kanggo urang silih mi asih
Mitresna sanaos teu tiasa mi boga
Hampura sanes miceun janji balaka
Ayeuna ukur tiasa masihan pidu'a
Mugia salira... Dimana,, sareng saha ayeuna
Mendak bagja kalimpud Rahmat ti Mantena
Abdi ikhlas tumarima
Nagkeup ka tresna anu ka tunda..

Syukur


Puji syukur kasanghyang agung
Sumerah raga kanu maha kawasa
Tina sagala nikmat nudipaparinkeun ku gusti numaha suci
Masih dipasihan yuswa dipercanten kumelendang di alam dunya
Masih dipasihan soca nu awas ninggali kaendahan
Masih dipasihan pangdangu nujentre
Masih dipasihan awak nu jagjag waringkas kangge sujud syukur kamantena
Gunakeun waktos nu samporet ieu kangge ngumpulkeun bekel jaga di akherat nu kekal salawasna
Mun keur dudunya harepan hirup sarebu taun
Mun keur ibadah inget maot isukan
Mungguhing Alloh nu maha uninga kana rengkak paripolah mahlukna

** SAMAGAHA **




Bulan di langit ngaleungit
meureun disumputkeun naga
bumi alam poék mongkléng.


barudak récét di buruan
sorana patembalan
Samagaha... ! Samagaha... !


Aya kahariwang
dina haté séwang-séwangan
bulan sirna...

Ting berebet barudak ka pipir imah
tutunggulan dina lisung
rampak narakol kohkol
ngusir naga sina nyingkir
naga nyingkah...
bulan ngempur
bumi alam caang deui.

Nongtoréng



"Pinter, bener dibarengan laku jujur, sarat nu utama pikeun nu gedé nu leutik sangkan hirup pinanggih jeung kamulyaan. Jaga, hidep bakal panggih jeung kahirupan anu leuwih pait batan kahirupan urang ayeuna, ngan sing sabar. Lakonan bari tawakal, pasrah ku tarékah bari teu kendat ngadu'a, Insya Alloh !". Pokna bari ngusapan sirah nu tungkul nyumputkeun keyembeng nu bedah teu katadah.
"Poma, tong dipaké leutik haté sok komo pegat pangharepan, sanghareupan, hidep henteu nyorangan. Indung jeung bapa ukur cukang lantaran". Rénghap beurat, teu leupas ngusapan.
Nyu'uh na lahunan, teu papanggih deui, ukur keclak mangsa ngolébat.

Selasa, 24 Juni 2014

PEPELING PRABU TAJIMALELA

Hanya, bagi, dan teruntuk orang-orang yang berPIKIR

Mari kita NGEUNTEUNG

PEPELING PRABU TAJIMALELA

Praburesi Tajimalela (Panji Romahyang) adalah pendiri Kerajaan Sumedang Larang berkedudukan di Gunung Tembong Agung disebut pula Mandala Hibar Buana (kropak 410), segenarasi dengan Prabu Ragamulya , penguasa Kawali (1340- 1350 M); (Rintisan Penelusuran Sejarah Jawa Barat Jilid Keempat. Pemda Jabar 1983-1984)Dalam ilmu KASUMEDANGAN , tokoh ini menjadi pusat kearifan. Apa dan bagaimana karakter yang harus dipunyai seorang SATRIA (dalam lingkup khusus: Pemimpin); saya salin selengkapnya dari karya tulis stensilan berasal dari Musium Prabu Geusan Ulun, bertitimangsa 31 Juni 1995, berasal dari R. Gandi Soeria Danoeningrat, yang berasal dari R.A.A Soeriadanoeningrat, tidak diketahui siapa penulisnya dalam bentuk puisi Pupuh Asmarandana.

ASMARANDANA
1. Ciciren satria leuwih,pageuh nyekelan jangjina,tara ngawangkong ngabohong,sumawonna pala cidra,estu bener ucapna,kasanggupna ana metu,dibelaan pegat nyawa.
(Ciri seorang satria sejati, teguh memegang janjinya, tidak berbicara bohong, tidak pernah ingkar janji, benaryang dikatakannya, kalau sudah menyatakan kesanggupannya, berani membela sampai mati)

2. Ciciren satria leuwih,boga bakat tumarima,katambah leber wawanen,dina ngabelaanana,ka sasama ka dunungan,ka sakur nu enggeus nulung,ku sagala kahadean.
(Ciri seorang satria sejati, berkesadaran ikhlas hati, dan penuh keberanian, rela membela sesama manusia dan kepada atasan, kepada siapa saja yang pernah memberinya pertolongan, dengan segala cara kebaikan).

3.Ciciren satria leuwih,boga bakat karunyaan,estu resep mere maweh,nulungan ka nu sangsara,melaan nu tanpa dosa,hirupna pikeun tutulung,resep kana kaadilan.
(Ciri seorang satria sejati, mempunyai rasa belas kasihan, senang memberi dengan tulus hati, menolong orang yang sengsara, membela orang yang tidak berdosa, hidupnya diperuntukkan untuk menolong, menyukai kepada keadilan).

4. Tara bedegong cirigih,teu adigung adiguna,estu pahing nyebut "dewek"lemes budi basana,matak sugemaeun semah,babaturan pada lucu,resep ku prakprakanana.
(Tidak keras kepala dan tidak berkelakuan menyebalkan, tidak sombong merasa paling hebat, tidak pernah mengatakan "dewek/gue", halus budi bahasa, menimbulkan kebahagian para tamu karena kehangata/keramahannya, teman-teman menyenangi, menyukai perilakunya)

5. Tah kitu bakat sajati,jauh tina pangarahan,beunang disebut bolostrong,teu aya pikir rangkepan,ucap hate estu bruk-brak,teu nyieun budi salingkuh,teu hayang senang sorangan.
(Begitulah karakter sejati, jauh dari pamrih bagi diri sendiri, dapat dikatakan lugu apa adanya, tidak ada pikiran yang bukan-bukan, perkataan dan hati sungguh-sungguh terbuka, tidak menyembunyikan sesuatu/salingkuh, tidak menginginkansenang sendiri).

6. Tah kitu piwuruk aki,patokan ka-Sumedangan,babakuna handap asor,mitutur kasatriaan,make duduga peryoga,nyingkahan ujub takabur,teu agul ku kapinteran.
(Begitulah nasihat Aki, patokan/ajaran ka-Sumedangan, yang terutama adalah sopan santun, hormat, menurutiperilaku satria, menggunakan kearifan/kebijaksanaan, menjauhi keangkuhan dan takabur, dan tidak sombong karena merasa diri pandai).

7. Iyeu pepeling iseli,dawuhan Taji Malela,ngawuruk putra tur alon,samulih putra peperang,anu meh kasoran,sanajanna Gajah Agung,apes lantaran suaban.
(Ini adalah nasihat yang sebenarnya, ucapan/diucapkan Taji Malela, menasihati puteranya dengan suara yang lemah lembut, setelah puteranya pulang berperang, yang hampir saja perangnya kalah; meskipun Gajah Agung itu sial karena ketakaburannya/ sombong).

#Copas ti Tangtungankujang

Didinya Cenah


didinya dina mumunggang rasa aya katresna nyaliara ngagalura,didinya dina runggunukna pasir aya kaasih...
hanjakal rasa tresna peuray sapada harita kabandang asih nu lian...jangji pasini nu majar cnh bde saati,sirna...
harepan ilang bareng jeung peunggasna rasa kaheman...
nu kantun cuang cieung nunggelis bati lumengis,,,
panutan...kuharianeun...

Tresna Kasalira

Tresna ka salira, ngamalirkeun rasa anu kungsi urang saeur, ngarangkidak ngadaun ngora, nyirungkeun pucuk duriat, nyamuangkeun harum kembang asih di patamanan kaheman, urang lulumpatan silih oconan, silih dudut salendang rasa, silih usap karinding asih, silih baledog teuteup, geugeut ...... reg anjeun ngarandeg, lumpat nukang ilang di wates tenjo ......., naha ...... ?,

Tembang Sumbang


imutna matak kairut

teuteupna panghudang geugeut
imut anteb jeung teuteupna
lir asihna dewi ratih
miasih narik pasini
jangji saati ngahiji
ngan boa asih keur saha
da gening tembangna sumbang

Rasa Kaheman


kaasih kungsi kasilih
katresna kungsi kaselang
teu jadi ngurangan rasa kaheman
geugeut,deudeuh estu pageuh
tetep nganteng mung keur anjeun...
panutan...diri nampi....
anjeun tetep mulang deui kana lahunan...

Tengah Peuting


mangsa lilir tengah peuting
ngulisik bari gigisik
pangacian can sampurna
kasaput ku rasa tunduh
nu mulen na lelembutan
nyah beunta...
ret kana jam nu angger tuk-tek disada,horeng gening gs jam dua
meujeuhna janari leutik...
kaayaan simpe,rehe...
anteng dina impianna sewang-sewangan.

Masih Aya Keneh??


Na, masih aya kénéh..
Rasa deudeuh nu cenah cukup keur kuring,
Na, masih haat kénéh, siram geugeut nu cenah pinuh kahéman, 
Da geuningan binih tresna tinebar, barung nyaahna,
Kalah mugur pepetétan, bororaah jadi kembang.
Impian rék sauyunan, ngarandeg ditengah jalan.

Lamun enya, anjeun téga 
Moal deui miroséa,
Tilam sono nu ngamparan, rék dilulun
Ditilepan.
Panto haté pageuh ngonci.

Moal arék muka deui..

Senin, 12 Mei 2014

PEPELING


Anaking … jimat awaking ...
Heunteu gampang nalika nyorang jalan kahirupan, moal salawasna cicing dinu datar, tinangtu bakal pinanggih wanci mudun jeung tanjakan, kudu sabar hidep nalika kurang tur omat ulah nepak dada benghar, adigung adiguna, asa aing uyah kidul, agul kupayung butut!! ” Omat hidep bisi kupur, kudu eling kanu Maha-Gafur, nyembah kanu maha kawasa, turut kana papagon agama nyumpona..parentahna ngajauhan larangan nana, Tah iyeu anaking pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur inggis laku lampah nincak salah.


Minggu, 11 Mei 2014

Kagungan Gusti



Gusti....
pan sadayana ge kagungan Gusti
Gustimah Nu Maha Adil
moal cueut kanu hideung moal ponteng kanu koneng
sadaya estu tunggaling mahluk Anjeuna
sadaya ukur tarekah Anjeun nu nyubadanan
ieu lengkah lumampah nuturkeun Qudrat Iradat
kandeg.....
laju......
dina widina Salira,
taya ungkara nganaha-naha
mung ukur dumeuheus ku pangdunga
walatra dina kanyaah nu paripurna.

Bulan Pias



Lalaunan bulan pias ngarayap muru panca tengah
seja ngalanglang padumukan maranti juru peuting
teu kalis lalangse mega bodara nyegat lumampah
Najan bayu peteng tigin tulaten niupkeun walakaya

Pertela ngembang boled sulintang damar kaanginan
singhoreng niat...pikir...tekad...ucap, sakilat puyarna
Cileuncang cikeneh geus patepung jeung sagarana
bakal mopohokeun kamalir nu satia marengan simpe

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More

 
Design by HENDI CITAMIANG -