"Pinter, bener dibarengan laku
jujur, sarat nu utama pikeun nu gedé nu leutik sangkan hirup pinanggih jeung
kamulyaan. Jaga, hidep bakal panggih jeung kahirupan anu leuwih pait batan
kahirupan urang ayeuna, ngan sing sabar. Lakonan bari tawakal, pasrah ku
tarékah bari teu kendat ngadu'a, Insya Alloh !". Pokna bari ngusapan sirah
nu tungkul nyumputkeun keyembeng nu bedah teu katadah.
"Poma, tong dipaké leutik haté sok komo pegat pangharepan, sanghareupan,
hidep henteu nyorangan. Indung jeung bapa ukur cukang lantaran". Rénghap
beurat, teu leupas ngusapan.
Nyu'uh na lahunan, teu papanggih deui, ukur keclak mangsa ngolébat.


Unknown
0 komentar:
Posting Komentar